Makomat Ihsan [4]
KH. Hasan Mustafa
Ihsan (Kiri, Perbawa Iblis)

Barang cat kana gelaran ihsan, reup poek ati, perbawa kaiblisan ti kenca. Ah! Geus lawas pisan nya milampah Islam, tetep ati kapercayaan kana sacaritaan kolot, bosen onam moal da kapalang; hanas taya karasana wayahna bae. Ngan keur naon ku aing ditambahan deui karepotan kasusahan. Gjusti nimbang,’riajan ka nu dosa pisan, kapan sipatna ngahampura. Sumawonna ka lebah aing, jelema kumureb ti babaheula, tangtu dimokahakeun, da tacan ngamaha dosa, tacan ngamaha ngarempak larangan. Kapan Allah Nu Uninga, tangtu uningaeun kana kaapesan aing, henteu daya henteu upaya, Gusti Allah nu kagungan. Nil dipandang hayang meunang kahadean, kapan aing oge tara dina kagorengan, tara dina pamangmangan. Moal gedag kalinduan sabot dina senangna mah, sabot dina yakinna mah. Wondene katarajang anu jadi matak tinggal parentah, aya waswas pamangmangan sakali-kalieun, eta mah Gusti Allah nu nimbang inya. Wondene katarajang kadatangan nu matak tinggal parentah atawa ngarempak larangan, nya eta mah Gusti Allah nu kagungan. Disorangkeun bae wenang, dihalangan bae wenang. Kapan aing henteu daya teu upaya, naha aing bisa nyanyahoanan, make apik, ririh, rintih, kawasa ngajaga sorangan? Najan apik oge ari kudu katarajang; najan balangah ari kudu salamet mah, naha saha anu nyaho? Ari tobat, enya pisan kudu, tapi lamun aing asal ngamaha dosa. Ari pasrah, enya pisan kudu, tapi lamun aing teu boga adat bangsa basariyah aya ngeunah aya henteu. Ari ngandel ka Allah, enya pisan kudu, tapi lamun aing geus beak tarekah. Ari suka ka papasten, enya pisan kudu, tapi lamun aing geus taya geusan panasaran. Ari bersih ati enya kudu, tapi lamun aing geus poho kana bubuhan lahir, era ku mata manusa, sieun ku panyacad manusla. Ari sono ka nu asih, enya kudu, lamun aing tacan yakin yen sagala kangeunahan jeung teu ngeunah, pasihan ti Gusti Allah. Tapi moal enya Gusti Allah henteu dibales sakitu keneh. Ngan aing moal nudingkeun kahadean jol ti nu lian, dina sakur anu mulus henteu jeung lantaran ti manusa mah. Kasieun aing, ayana bebendon ku sabab lantaran ti ngurangan ibadah ti katukang-tukang, ngahaja-haja ngurangan percaya ti ka tukang-tukang, ngahaja sieun dibenduan di dunya, kahayangaing kana pangasihna Gusti Allah di dunya heulaanan, aherat mah sumawonna.
Lebah dieu samar maju, anggur mundur, sabab sarat jejeg panceg, tapi masih pilihan. Aya roy sono, tatapi masih boga pikiran: Keur naon? Lamun keukeuh boga karep hayang wawuh ku perbawa kapangeranan ti katuhu, iblis ngahulag: Wah! Tiwas! Silaing geus wawuh mah beuki beurat. Loba pisan pamalina. Nya ari keukeuh mah jor teuing! Moat weleh, engke rasakeun bae loba jalan pibengkaheun. Dene aing henteu digugu di dieu, sugan di ditu mah dengdeng, moal tega-tega teuing. Tinimbang ti diben• duan geus wawuh mah, ltuheung meueus ayeuna, moal-moal kasebut jalma bengkahan. Kapan kudu apik lirik rintih jeung pamilih, ulah lancang sumantana. Hanjakal mah tara ti heula.

Ihsan (Kanan, Perbawa Kapangeranan)

Barang cat kana gelaran ihsan, bray terang ku perbawa kapangeranan ti katuhu, ah pageuhan bae aing geus cueut ka hareup, tinggal oge milampah Islam ku badan, kapercayaan ku ati, kapiran, bae. Anggur ayeuna mah karasa, batan beuki beurat anggur beuki hampang, batan beuki loba halanganana, anggur beuki luas bae. Cul kolot cul bapa, tambah terang tambah yakin, pubuktieunana beja piuntungeunana lampah. Turug-turug sahadena jadi jalma luncat mulang, angguran tambah yakin. Kapan kaharti ari nyembah kumawula kudu ka nu ngayugakeun awak. Henteu umum aya nu nyieuri teu aya buktina. Pang jadi teh henteu umum henteu jeung kawasa, ana geus jadi teh henteu umum teu jeung diriksa. Aaah! Isin temen; lampah meureun ditingalikeun, obah meureun diobahkeun. Lain pikeun aing geusan lalawora, najan aing henteu nyaho oge, da Itu mah uningaeun, uteuk tongo walang taga tangtu kauninga. Atuh mutuh lamun aing goreng tata, goreng sangka. Kilangbara aing tambah, atuh sakalieun anu geus tetep mah, palias lamun dikurangan kaajrihan, palias lamun dibalangahan, anggur tumarima usik malik kereteging ati tangtu kauninga. Lah! Lain pikeun aing balangah kumawula ka nu waspada, ngan mihape anu tujuh perkara bae, muga ulah dipindingan ku mokahaan. Bareto mah sieun soteh lahir ku batur, batin ku Allah. Sieun dibales disangsara di dunya, kilangbara sieun ku sangsara aherat, tapi henteu aya karasana: bageur matak disenangkeun, henteu bageur matak disangsara. Aaah! Ayeuna mah kajeun, aing rek sieun ku bebendonna, najan henteu-jeung nyiksana; hayang kana pangasihna, najan henteu jeung ngaganjar. Ngan supaya ulah aya bae di aing pijalaneun bebendonna, ngunghak ka Nu Kawasa, badilang ka nu ngawaskeun. Sageuy henteu katingali, sageuy henteu karungu, sageuy henteu kabendon, najan teu aya bedana oge nu ngawula jeung nu henteu ngawula. Nya eta nu matak isin, sababna tara katara bebendonna. Taya lianna nu jadi halangan campelak kajaba ti inget ka nu diyakinkeun tadi tea. ,
Eeeeeh! Dosa temen, ari aing poho. Dosa temen ari aing keur pegat ngawula. Dosa temen ari aing keur era ku nu sejen, cut kana paningalina Gusti Allah. Ayeuna sagala anu datang ka aing nu undur ti aing, datang ti Dinya, balik ka Dinya deui. Rek apik bae ati, moal mokahaan .tinggal parentah ngarempak larangan. Mana-mana nu pikitueun (ngarempak) rek disingkahan. Pasrah bae! Panguruskeun supaya suka kana sakur nu geus kajadian, saruakeun nu ngeunah jeung nu teu ngeunah, beresih pisan. Moat aya lampah pahili nya bakti, yen lantaran nu sejen, moal pahili nya nuding, nu ngadatangkeun nu ngundurkeun, ditudingkeun ka nu lian. Ari kana lampah goreng, dosa tina lampah Islam, dosa tina lampah ati, moal pisan dilampahkeun satungtung aya ingetan mah. Nu poho mah sugan moal dihukuman, tapi kudu jeung pantesna. Moat bosen sakieu oge resep. Aing tacan pantes ka nu agung, nu ngayugakeun awak, da buktina resep tampa taya pisan pamulangna: ti baheula nampa welas, Pampa rahmat jeung ni’mat, geus meujeuhna nampa asih males asih, sanajan reujeung pambrihna, da tama- – ha suka bungah kudu bae jeung lantaran.
Lebah dieu rek mancat kana gelaran sahadah disebut jelema minas vsyuhada. Mimitina tina sereset hate aya roy sono mikarep neangan inya, hayang tepi ka wawuhna, bisi pahili jeung anu lain sok barangkirim.