Makomat Sahadah [5]
KH. Hasan Mustafa
Sahadah (Perbawa Iblis ti Kenca)

Barang cat kana gelaran sahadah ku perbawa iblis ti kenca: Ah! Aing kapalang! Hanas enggeus heubeul cape , ngalakonan parentah kolot-kolot, lampah Islam ku badan, percaya kana caritaan kolot-kolot ku ati sapanjangna, tur geus panceg jejeg taya kakurangan. Ari ayeuna aing karep pon karep, sono pon sono, taya halanganana, da bubuhan Nu Murah kudu disembah, Nu Asih geusan ngabakti; tapi ari nepi ka hayang wawuh mah, lain layak lain pantesna, da aing puguh tumarima hina, amal saeutik, iman ipis; asa papakelesa teuing, kuriak geura moal kadada kaawakan. Pinter aing rebo ku bodo, beunghar ku dosa. Atuh jiga pisan lancang sumantana teh! Ari diaku tea mah meureun diaku, da abdina. Ngan aingna arek naon? Ayeuna oge aing teu kaur balas mokaha. Geus wawuh mah tangtu loba pisan pamalina. Kuriak aing disebut hejo tihang, moro julang ngaleupaskeun peusing, cul pacul ngarah pangali, kabalinger, jadi susah sorangan. Geuning bukti sapa menak sok matih ka nu dalit, lain ka cacah ka somah, eta mah loba mokaha, ditimbang ku kabodoan, ditimbang ku kapohoan. Atuh aing oge kudu ngukur tangtung sorangan. Peupeuriheun geus paeh diukur batur, keur hirup mah geuna, kudu nipak maneh. Masih soson-soson sono oge, , leuheung-leuheung lamun geureung, kumaha lamun sondari? Kajeun deungeun lamo pamerena bae; kajeun henteu jeung ponyona, supaya kejona bae; kajeun henteu jeung sonona, supaya nenjona bae; kajeun henteu jeung mulusna, supaya alusna bae; kajeun henteu jeung betahna, supaya hirupna bae; kajeun henteu jeung amalna, supaya elmuna bae; kajeun henteu jeung waluyana, supaya mulyana bae; kajeun asa catang bobo, supaya kejona bae; kajeun asa tuak bari, supaya caina bae; kajeun henteu jeung sarina, supaya seungitna bae; kajeun henteu jeung seungitna, supaya kembangna bae; kajeun henteu jeung kembangna, supaya tangkalna bae. Padahal geus heubeul pisan aing titen ka papancen, ngalakonan sagala papatah kolot, nyingkahan laranganana, percaya ka beja bapa, dilanggengkeun ditetepkeun, henteu kudu ditambahan ku’maksa papakelesa, birakaya ari bagja, kumaha ari cilaka. Ana dene wawanen aing nyaksian yen taya deui sembaheun, pikaeraeun, pikasieuneun, kajaba ti Gusti Allah, sakitu ge cukup, da lain cara nyaksian padu. Tacan aya nu nanyakeun: Ti mana maneh nyaho? Datang ka dijawab: Cek bapa bae! Rek asih mah pantes bae puguh ka nu mere maweh. Tapi Gusti Allah dipiasih meureun asih, henteu kitu keneh. Moal atoh dipisono. Memang henteu aya kakurang. Rek neangan, pantes bae, tapi teu kudu jeung nyata. Nu dipambrih pangasihna, kapan bukti cek aing oge: Sagala pasihan ti Gusti Allah. Supaya teu mungkir bae, Gusti Allah panujueun; cara aing guru bukti ka pangirim, mana ngirim oge nandakeun ti kaasihan, lain tanda kaijidan. Kajeun• teuing hen ten reujeung prak digawena, ngan supaya aing boga pikarepeun bae. Kajeun aing henteu jeung prak ngajadina, ngan supaya aing boga kawasana. Kajeun teuing keur euweuh pisan tenjoeun, ngan supaya aing awas mata bae. Kajeun teuing keur euweuh dengekeuneun, ngan supaya aing boga pangdenge bae. Kajeun teuing keur taya pipokeun, ngan supaya capetang bae. Kajeun teuing teu buah teu kembang, ngan supaya hejo lembok bae.. Kajeun teuing aing teu milu ngahakan, ngan supaya meunang kakayaan bae. Bari oge Gusti Allah awas tingali, uninga kana kereteging ati aing, naha aing make, sono? Moromoro hayang papanggih nyata, keur naon? Kuriak ditundung bae. Aing ribrib ku rurujit, nu sageuy piditampaeun. Kapan ngaku bisa oge ku eta mah kageuleuhna, naha aing sumono make lalakon? Ku kitu ge nyata aing rek kaliron. Atuh kitu mah paranti aya bogoh hayang kalakon. Turungunung unggah gunung, samar bisa mukhalafah jeung nu anyar, da ieu mah lain kitu. Jeung aing teh sumono rek ngarah naon? Arek menta, kapan osok ngirim memeh dipenta. Arek nanya, ngarah dijawab kumaha? Kuriak pahili bae. Napsu nu matak kaduhung, hanjakal tara ti heula: Aaah, rek maksa’bae ku penyok ku bengo, lara bagja kumaha behna bae. Hayoh geus sakieu nya bagja, leuwih ti batan sasari, make resep make sono, pakurangan teu ngahaja, beuki kaliru.
Renggenek peteng ati: Aaah! Tapi man thaloba syaian jiddan wajajadahu, sebrut maju! Bray gapurana hareupeun, tapi halimunan, ramangramang.

Lebah dieu, iblis humandeuar: Aaahh! Enggeus ti baheula reureujeungan, ayeuna paturay tineung. Nya ari teu beunang dipikanyaah mah, kajeun! Henteu digugu di dieu, sugan di ditu. Marukankeun aing moal nyeleke bae. Rasana mah moal ngulampreng deui ka dieu. Keun bae, rasakeun moal tega, da sobat ti babaheula, buruk-buruk papan jati, sagalakgalaking macan, moal nyatu anak. Moal enya henteu dikeureuyeuh.

Aeh-aeh aing sampurasunt Neda eureun ngadeuheus ka Rahmahniyah.

Sahadah (Perbawa Kapangeranan ti Katuhu)

Barang baranyay gelaran sahadah, cat mancat, bray padang perbawa ka pangeranan ti katuhu. Tadina mah sono soteh nya asih dipulang asih, ayeuna mah kajeun teuing asih soteh aing henteu karana olih, sono soteh lain lantaran ti kejo. Kajeun teuing sanajan ambon sorangan sumelang henteu kalawanan, da bongan beuki lila beuki nyata ngirimna henteu jeung pambrih, melang teu ngarah pamulang. Ayeuna mah meujeuhna rek paeh poso di mana bae amprokna kari saheateun deui, moal beunang disisilihan nya ati. Geus heubeul nya mulangkeun panarima ku sagala lalab rumbah, tapi biheung tepi biheung henteu. Ari ti Ditu mah puguh aing nampa sapapanjangna. Sugan ari geus wawuh mah kaduga aing nanyakeun inya, kumaha datang atawa henteu? Anu mawi jurungan kuring cangcaya, hanas kuring cape, pantesna buruk di jalan. Kajeun aing disebut sumalandang sumantana, matak naon. Anu murah ti kaanggangan, komo teuing lamun aing ngawawuhan! Bareto mah aing atoh meunang kejo, ayeuna mah atoh meunang kejo jeung seubeuhna. Bareto mah aing atoh meunang cageur, ayeuna mah atoh meunang jeung bageurna. Bareto mah aing atoh meunang baju alus, ayeuna mah atoh meunang jeung mulusna. Bareto mah aing atoh meunang samak anggel, ayeuna mah atoh meunang jeung tunduhna. Bareto mah atoh meunang kahirupan, ayeuna mah atoh meunang jeung betahna. Bareto mah aing atoh meunang elmuna, ayeuna mah atoh meunang jeung ngamalkeunana. Hayang tea mah amprok sapajodogan. Teu hayang tangkal kananga, ngan hayang kembangna bae; teu hayang kembang kananga, ngan hayang seungitna bae; teu hayang seungit kananga, ngan hayang sarina bae. Aing teu hayang pangirim, ngan hayang nu ngirimna bae; aing teu sono ka kejo, ari asa catang bobo; teu hayang aing kana cai, ari asa tuak bari; henteu kabita ku mulya, ari mulya jeung sangsara; aing teu sieun gering, ari rasa dipikuring. Kajeun teuing hese cape, ari terus mah jeung hate. Kajeun teuing teu dipuji, ari muji bari pambrih. Kajeun teuing teu diogo, ari ngogo ngolo-ngolo. Kajeun teuing teu ditalengteng, mun nalengteng neneh bonteng. Kajeun teuing kapanasan, ari inget kabulusan. Kajeun teuing kahujanan, ari inget kapanasan. Kajeun nyalingit salatri, ari pikir cara santri. Kajeun teuing jeung walurat, ari inget ka aherat. Beu naha aing bet lancang suaban teuing, ti bareto waniwani nyaksian: Euweuh deui sembaheun kajaba ti Gusti Allah! Kumaha lamun aya nu nanya: Ti mana nya nyaho? Meureun ngan bisa ngajawab: Da ceuk kolot! Da ceuk Bapa! Kumaha piandeleunana! Aya saksi putus ku ceuk beja bae! Tah anu matak aing keukeuh peupeujeuh ulah jeung henteu, hayang tepi ka nyatana. Cara ditanya: Maneh nyaho rupa cabe? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus ngasaan, bet lada! Maneh nyaho di gula? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus ngasaan, bet amis! Maneh nyaho di uyah? Ngajawab: Puguh nyaho mah, da geus ngasaan, bet pangset! Moal ngajawab: Da cek bapa!
Ngeng katorekan: Wah! Kade kalao! Majarkeun henteu pambrihan, geuning panas tiris sapeupeuting, bayeungyang panas ti beurang soteh ngudag-ngudag nu ngirimna Jamaliyah kaedanan ku geulisna. Aeeh tobat, atuh aing di amprokna oge, tangtu nganaha-naha: Saha nu sok ngahulag karep andika? Rek ngirim jama,liyah ari jolna jalaliyah.
Lamun enya lain deui nu ngirimna, mun paksakeun bae; bet kuring ngeunah cageur datang gering, hayang hirup datang pati, keur ngadenge datang torek, keur awas datang lolong, keur capetang datang pireu, keur inget datang limpeuran. Atuh aing’ pambrihan, sono ka hejo-lembokna bae, asih kana muktina bae, daek kana pamerena bae, lucu ka untungna bae, b’etah ka warasna bae, pambrih ka mamanisna bae. Atuh nyembah kangeunahan kagenahan, henteu jeung kateungeunahan, na ari eta beunang saha? Sikap saha? Tangtu disebut duriat ka jamaliyah pista ka jalaliyah Puguh eta anu jadi dingding paminding, hijab sabda halimunan teh. Moal timu teu balas kalinglap, nyembah kana jamaliyah, mungkir kana jalaliyah, di wawuhna ge reureundahan, ti peuting, leungit ti beurang: ti beurang, leungil ti peuting; di darat, leungit di cai; di cai, leungit di darat. Majar sanggup ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Lebah dieu windu lamun tacan bunrelang ka lara bagja, sapapait samamanis: beurang kumaha peutingna, peuting kumaha beurangna, geus panas kumaha tiris, geus tiris kumaha panas. undur itu datang ieu, undur icu datang itu: datang sono undur sonu, piligentikeneh-keneh,
Lebah dieu karek midanodam: Sugan teh kukupu hideung, sihoren, si rama-rama: cai mulang cai malik, cai ngocor ka astana; layung isuk samar beurang, kadeuleu sakolebatan.
Lebah dieu ramang-ramang ngarenggenek gapura tepis wiring Sidikiyah babakan Suralaya kajembaran Rahmaniyah. Ngahuleng: Aduh-aduh: Naon itu? Diawaskeun kurang awas, dikiceupkeun sieun euweuh. Laaar liwat ka alun-alun, ngiuhan dina aubaub tanjung. Maju deui bray meueusan, ngadeg ngawaskeun lawangna. Tanggana lima hambalan, kagenep bangbarungna. Tihangna tujuh, lawang kori jandelana tujuh. Lampu rantuy 99, ditambahan ku damar baranang siang taya wiwilanganana. Nya keusikkeusik barentik, nya cadas-cadas harerang. Dituliskeun kurang mangsi, disuratkeun kurang papan. Ngaranna ge Kamalatul Uluhiyah, kalangkangna Kamalatul Insaniyah.
Randeg ngarandeg lebah lawang. Ret ka luhur ret ka handap. Top dirampa. Bray muka bari maca: Assalamu’alaekum! tilu kali. Taya nu ngajawab. Tuluy maca: Assalamu’alaeka ayuhan nabiyu warahmatullahi wabarokatuh. Assalamu alaena wa ala ibadillahis solihin; terus takbir: Allahu akbar! wajahtu wajhia lilladi fatorossamawati walardho hanifan musliman wa ma ana minalmusyrikin.