DI Sunda dipiwanoh kecap Uga. Naon ari uga teh? Dipapandekeun kana ramalan, da kalimahna hese dipikaharti, ukur dikira-kira bae. Teu sarua jeung ramalan Joyoboyo, anu babari pikahartieun. Kalimah anu aya dina uga teu bisa dihartikeun sacara harfiah, kabehanana ngandung siloka anu jero. Ngan anu rada merenah, uga Sunda mah, leuwih deukeut ngagambarkeun kana hiji angen-angen atawa harepan ti anu ngaluarkeun eta uga. Uga Sunda leuwih ngadeudeukeut kana ngungkab masalah moral, dipatalikeun jeung kaayaan jaman.
Ieu di handap urang nataan rupa-rupa uga anu geus kapanggih bae. Ngan mun dicoba dihartikeun ayeuna, bisi panjang teuing. Ke bae ka hareupna urang lenyepan saban uga teh.

Uga Bandung:

Sunda nanjung lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui.

Uga Galunggung:

Sunda nanjung lamun pulung turun ti Galunggung.

Uga Cisolok (Sukabumi):

Nagara kartaraharja lamun Lebak Cawene geus kapanggih.

Uga Kawasen:

Ari nu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandera karakas cau.

Kabeh ge eusina mangrupa harepan urang Sunda kana hiji kaayaan atawa jaman anu dianggapna bisa ningkatkeun kualitas hirupna. Meujeuhna urang Sunda loba ngangluh bari pamustunganana dituturkeun ku harepan. Sabab urang Sunda ngalaman degradasi kualitas hirup ( utamana dina kamampuh nembongkeun jati dirina) sanggeus sababaraha kali ngalaman robahna jaman.

Anu ku urang Sunda dianggap Sunda keur jaya bari ngabogaan ajen budaya anu mandiri, nyaeta sawktu Pajajaran aya keneh. Tapi dina 1579 Masehi, Pajajaran burak ku ayana kakuatan anyar. Di kulon burak ku kakuatan Banten di wetan burak ku kakuatan Cirebon. Ari eta anu nu ngalindih, teu mertahankeun ajen-inajen budaya Pajajaran, lamun mah teu disebutkeun ngaleungitkeun. Budaya anyar dimunculkeun. Sanggeus datang Mataram ka tatar Sunda, budaya Sunda beuki nyaeutikan deui. Ampir 50 taun lilana urang Sunda kahirupan sosial-pulitikna diteken ku gaya-gaya Mataram. Sabot kitu, bangsa Belanda ge datang malah ngarajawisuna salila 350 taun, disambung ku penjajahan Jepang salila 3 ½ taun. Meujeuhna, urang Sunda lila leungiteun kapribadian jeung identitasna, sabab ti 1579 keneh ge geus digarerus dipegat-pegatkeun.

Jadi, lamun mah masih keneh nyangkaruk eta cita-cita (hayang mulangkeun kajayaan Sunda), nya kagambarkeunana dina uga tea. *** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Summber Facebook Kang David