Kyai:                wilujeng sumping menak..!

Bambang:         pangersa.. nampi nuhun, ditampi ku kaula.

Kyai:                bade tumaros ieuteh,  saha nami teh?

Bambang:         kaula teh, Bambang Jaya Sentika.

Kyai:                dimana linggih?

Bambang:         justru kaula teh teu gaduh tempat.

Kyai:                ah teu mungkin..!

Bambang:         naha aki nyebut teu mungkin?

Kyai:                biasana ari ditaroskeun tempatmah, aya weh…unggal jelema ge.

Bambang:         kaula bieu nyebut teh teu boga tempat?

Kyai:                muhun..!

Bambang:         bujeng hingga kaula boga tempat, da kaula ge lain nu kaula, istuning ‘diri sasampiran, awak sasampaian, umur ukur gagaduhan, saliring-liring dumadi, saringkak jeung sapari-pola, kaulateh kagungan gusti’

Kyai:                ee..e..e..! mawa ka jero yeuh budakteh.

Bambang:         ari aki saha kakasihteh?

Kyai:                ari katelahmah, ngaran aki teh Kyai ajar padang.

Bambang:         oh Kyai ajar padang..!

Kyai:                ari maksad menak kadieu teh aya naon?

Bambang:         maksad kaula teh, bade naroskeun bab elmu nu teu acan kaharti ku kaula.

Kyai:                oh..kitu

Bambang:         kaula teh nuju haus ku elmu, lapar ku pangabisa.

Kyai:                sae.. budak ngora mah kudu kitu.

Bambang:         kaula the mendak katerangan.

Kyai:                katerangan naon?

Bambang:         ieu kateranganteh, sabda na kanjeng Rasul.

Kyai:                kumaha eta dawuhanana?

Bambang:         saur kanjeng Rasul “umat kami bakal jadi sababaraha golongan, anu katarima ku pangeranteh ngan hiji.”

Kyai:                da enya..

Bambang:         tah kaula teh rek naroskeun, golongan mana nu bakal katarima teh?

Kyai:                katarima kusaha?

bambang:          ku pangeran.

Kyai:                sakitu?

Bambang:         nu kadua, jalma nu iman jeung nu taqwa teh nu kumaha?

Kyai:                jero hungkul ieu pertanyaan teh.

Bambang:         katilu, naon hartosna iman, jeung naon hartosna taqwa? Sabab nu ku kaula didenge-denge ku kaula, ngan kudu i..man weh jeung taqwa, tapi bari teu dibejakeun naon eta iman, jeung kudu kumaha?

Kyai:                jadi teu dibejakeun eta iman jeung taqwa teh?

Bambang:         muhun.

Kyai:                atuh boroning nu ngadenge eta katerangan, jigana nu nersngkeunage biheung apaleun, sabab karek sabatas maca hungkul.

Bambang:         kaopat, naon pangna agama di ka kamanusakeun?

Kyai:                ngan punten bilih salah.

Bambang:         ah ulah bilih salah, sing jentre weh ki..!

Kyai:                da aki teh sarua weh jelema, teu cicing dina sifat langgeng, teu cicing dina hiji martabat, entong boro ayeuna jeung isuk, ayeuna jeung jam hareup, jelemamah moal apal.

Bambang:         cing atuh ki..! naha golongan mana nu bakal katarima teh?

Kyai:                katarima kusaha?

Bambang:         ku pangeran.

Kyai:                da pangeranmah moal narima golongan.

Bambang:         naha?

Kyai:                tadi ceuk katerangan? kumaha cing sakali deui..!

Bambang:         umat kami..

Kyai:                umat kami..

Bambang:         bakal jadi..

Kyai:                bakal jadi..

Bambang:         sababaraha golongan.

Kyai:                keun neupi eta weh heula, ‘umat kami bakal jadi sababaraha golongan’

Bambang:         enya..

Kyai:                tah nu sababaraha golongan teh umatna.. eta the.!

Bambang:         oh..umatna?

Kyai:                umatna keneh etateh.

Bambang:         ‘nu katarima ku pangeran ngan hiji’

Kyai:                aya bahasa golongan didinya?

Bambang:         teu aya..!

Kyai:                berarti nu katarima the lain golongan.

Bambang:         jadi nu kumaha atuh nu ditarima ku pangeran teh?

Kyai:                nu iman weh.. jeung nu taqwa.

Bambang:         enya..atuh ari kitumah carana.

Kyai:                kahartos?

Bambang:         kahartos.

Kyai:                ieu mah misalna..

Bambang:         kumaha?

Kyai:                ayeuna golongan, misalna jadi 73 golongan nu katarima ngan hiji..! sabaraha hiji nu teu katarima?

Bambang:         72..!

Kyai:                tuh geuning..salah

Bambang:         naha?

Kyai:                angger weh.. 73 nu teu katarimamah, sabab tadi ge lain golongan nu ditarimamah, tapi nu iman jeung nu taqwa. Ngan ieu iman jeung taqwa teh teuing aya digolongan mana..!

Bambang:         ari jalma nu iman jeung nu taqwa teh nu kumaha?

Kyai:                jelema nu salilana migawe kana parentah pangeran, jeung anu salilana ngajauhan larangan pangeran.

Bambang:         oh..kitu

Kyai:                enya.

Bambang:         nu katilu. Naon hartosna iman jeung taqwa?

Kyai:                hartosna iman teh percaya.. ngan percaya dimana geus nyaho jeung apal.

Bambang:         percaya teh?

Kyai:                percaya the dimana geus nyaho, geus apal, jeung geus nyata. Kakara percaya, ari can yakin mah ulah waka percaya,sabab bisi dibobodo kubatur.

Bambang:         contona?

Kyai:                “alhamdulillahi rabbil ‘aalamin” naon hartosna?

Bambang:         “sadayana puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam.”

Kyai:                saha nu ngurus teh?

Bambang:         nya Allah..

Kyai:                tuh da salah..!

Bambang:         naha emang ceuk anjeun saha?

Kyai:                naha rek dikamanakeun kecap “kun fayakun” lamun pangeran kudu ngurus keneh mah?

Bambang:         kan ceuk katerangan ge kitu. “sagala puji bagi Allah nu ngurus sadaya alam”

Kyai:                ‘sadayana puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam’

Bambang:         enya..

Kyai:                kumaha upami urang contohan..?

Bambang:         kumaha contona?

Kyai:                “eta topi, kagungan bambang. Nu nutupan kana sirah” saha nu nutupan teh?

Bambang:         nya topi..

Kyai:                topi.?

Bambang:         enya.

Kyai:                yakin?

Bambang:         yakin.

Kyai:                tah “sadaya puji kagungan Allah, nu ngurus sadaya alam” jadi saha nu ngurus teh?

Bambang:         nya Allah..!

Kyai:                tuh geuning… singhoreng anjeun manusa nu goblog teh…!!

Bambang:         eh.. naha kasar kitu geuning ki..?

Kyai:                punten…! Goblog aki mah beda jeung goblog budak ngora,

Bambang:         goblog aki emang kumaha?

Kyai:                lain goblog kasar, jeung nyarekan, tapi aki mah goblog ieu ngandung harti lir ibarat ngaput baju teu make ukuran, kadang-kadanag sereg, kadang-kadang logor. Ari logor goblog tea, ari gobog teu mejehna, jadi anjeun jelema nu can meujeuhna. Bongan teu daek dikotektak, bongan da nuduhna kanu jauh.. bongan da nyawangna kanu anggang.. padahal ceuk katerangan “jelema dimana ngaji ulah kaluar tina dirina, lamun manusa ngaji kaluar tina dirina, maka bakal sasar eta manusa, mun di dunya geus sasar, bakal linglung ke di akhirat.”

Bambang:         naha anu mana atuh nungurus teh?

Kyai:                sategesna lain Allah tapi “puji” nu ngurus teh..

Bambang:         puji?

Kyai:                puji.

Bambang:         kumaha kanyataannana?

Kyai:                geura pek lamun anjeun ayeuna muji tangkal sampe, heug seukeutan, tuluy cecebkeun, tah bakal ngurus ka urang, geus sataun ala..!

Bambang:         oh kitu nya..!

Kyai:                puji dimana urang keur lempang, aya nu nangkring di jalan, carana muji teh ‘punten..’ ceuk nu nangkring teh ‘mangga wilujeng..!’ maka bakal ngurus eta jelema ka urang. Coba lamun teu nyebut ‘punten’, derr weh nu nangkring the jelemana geureuhan ‘eh siyah..jiga hayam wae, teu punten-punten acan lempangteh’. Nu leumpang babari kasinggung ‘ngomong naon siyah bieu teh?’, tungtungna pasea..weh..! tah eta ngaruksak sadaya alam.

Bambang:         aduh..! le..res ari kitumah.

Kyai:                ari carana muji, urang kudu ngahormat ka sasama manusa. hormateun teh aya tilu: kasaluhureun, kasapantareun, jeung kasahandapeun. ngahormat ka kasaluhureun.. keur tanyakeuneun jeung pentaeun,ngahormat ka sapantareun.. keur batur keueung jeung batur pakumaha, ngahormat ka sahandapeun.. keur bereeun jeung titaheun.

Bambang:         leres pisan nya ki..?

Kyai:                boroning muji ka sasama manusa..! ti kotok kudu di puji.

Bambang:         naha ki?

Kyai:                cing aki rek nanya..!

Bambang:         naon?

Kyai:                ti kotok nu kumaha nu geuleuh the?

Bambang:         nu bau..?

Kyai:                lain..

Bambang:         nu medok?

Kyai:                lain..

Bambang:         nu kumaha atuh?

kyai:                 nu saeutik..! coba lamun tilu treuk? bakal jadi pupuk di sawah.

Bambang:         leres pisan nya aki..!

Kyai:                matak ulah ngewaan urangmah cu..! ulah geureuhan, ulah syirikan, pidik, dengki, kaniaya, jail, angguran geura prak geura hormat.

Bambang:         leres ki..

Kyai:                nu matak dordarna golongan ieu jeung itu, dilantarkeun parebut paham, parebut bener. Ari bener can kapimilik, eri pasea diheuleakeun.!

Bambang:         leres pisan aki..

Kyai:                contona:ceuk golongan ieu haram ngukus teh (meuleum menyan), ceuk golongan ieu heunteu. Bari padahal tiu kitu wae dipaseakeun..

Bambang:         da enya atuh, ngukusmah haram..!

Kyai:                haram?

Bambang:         enya.

Kyai:                ceuk saha?

Bambang:         da puguh teu aya dina katerangan..!

Kyai:                euweuh..?

Bambang:         enya..!

Kyai:                ari dina katerangan aya dawuhan kieu,

Bambang:         kumaha?

Kyai:                “hei manusa-manusa, teu meunang maneh ngukus, sabab ngukus teh haram” aya katerangan kitu?

Bambang:         teu aya..!

Kyai:                naha atuh pangeran teu ngaharamkeun tapi manusa ngaharamkeun?

Bambang:         aduh.. enya atuh.

Kyai:                jadi yakin.. ieu teh manusa na anu goblog.

Bambang:         timbalan aki..! jadi ngukus the teu haram?

Kyai:                heunteu.! Tah lamun aya jelema nu ngaharamkeun kanu ngukus, eta jelema teh jelema sasar.

Bambang?        Etateh.?

Kyai:                ari pangeran teu ngaharamkeun, ari manusa ngaharamkeun.

Bambang:         ari nu sok ngukus?

Kyai:                lamun nu sok ngukus (meuleum menyan), tapi niatna menta disalametkeun ku pangeran, menta dibere rizki ku pangeran, menta dibere rizki ka karuhun, menta disalametkeun ka karuhun. eta nu ngukus teh linglung..!

Bambang:         naha nu ngukus disebut linglung?

Kyai:                lamun niatna nu bieu..!

Bambang:         apan aya kateranganana.. menta ka pangeran.

Kyai:                naon?

Bambang:         “prak araranjeun geura menta ka kaula.!”

Kyai:                menta naon?

Bambang:         nya menta rizki..!

Kyai:                saha nu geus dibere ku pangeran?

Bambang:         geuning batur ge barareunghar? Matak kitu ge geus dibere ku pangeran

Kyai:                tanyakeun kanu beunghar, ‘ieu teh dibere ku pangeran, atawa meunang ikhtiar?’. Lamun enyamah dibere ku pangeran, tanyakeun, ‘sagede kumaha panangana pangeran teh?’. Sabab ari hukumna dibere teh: hiji nu mikeun, dua nu mere, tilu barangna. Jadi kudu kasaksi. Sabab kanyataanana, urang ka dunya the teu mawa nanaon..! cing ari anjeun jeung sampe, ka dunya heula mana?

Bambang:         heula sampeu..

Kyai:                heula sampeu?

Bambang:         enya..!

Kyai:                yakin?

Bambang:         yakin.

Kyai:                naha atuh menta deui ka pangeran..?

Bambang:         na kumaha atuh?

Kyai:                carana menta teh, geura pigawe parentahna, jeung geura jauhan laranganna. Sapertina urang haying boga sampeu, geura pelak sampeu, tuluy urus, ameh jadina alus. Jadi cara menta ka pangeran teh kudu daek ikhtiar.

Bambang:         kumaha lamun urang menta disalametkeun ka pangeran?

Kyai:                menta disalametkeun ka pangeran?

Bambang:         enya..!

Kyai:                kumaha lamun ceuk pangeran, “lamun maneh haying salamet, kudu bener weh hirup.!’ Sedengkeun geus aya pituduhnateh nyaeta al-Quran jeung as-Sunnah.

Bambang:         ari eta menta rejeki ka karuhun?

Kyai:                ari ceuk pamadeugan anjeun, saha karuhun the?

Bambang:         jelema nu geus paeh..

Kyai:                boroning menta rejeki kanu paeh, kanu hirup ge geus hese.

Bambang:         lamun menta disalametkeun ka karuhun?

Kyai:                kumaha lamun karuhuna baheulana urut jelema doraka, ‘boroning nyalametkeun sia, aing ge keur ripuh..!’ ceuk karuhun teh.

Bambang:         naha kudu kumaha atuh tekadna dimana urang ngukus?

Kyai:                tekadna ngukus teh, baca ku anjeun..! eta the simbul kana wujud, siloka kana awak, silib kana diri. Jeung ngukus the lan agama, tapi adat. Ngan tina adat kudu jadi pamadeugan.

Bambang:         contona?

Kyai:                ari rupa haseup?

Bambang:         bodas.

Kyai:                ari rupa areng?

Bambang:         hideung.

Kyai:                ari rupa seuneu?

Bambang:         koneng.

Kyai:                ari rupa ruhak?

Bambang:         beureum.

Kyai:                aya leuwihna ti eta?

Bambang:         teu aya..!

Kyai:                tuh geus opat rupa, nandakeun: amarah, lawamah, sawiyah, jeung muthma’inah.

Bambang:         leres pisan atuh ki.

Kyai:                Ari menyan the seungit.

Bambang:         ari ceuk kaula mah bau jurig deuih..!

Kyai:                geus panggih jeung jurig?

Bambang:         encan.!

Kyai:                tuh geus nipu maneh.. anjeun..! ari jeung jurig can panggih, ari ngambeuna eunggeus. Eta mah lain bau jurig, tapi kadorong tina rasa kangewa anjeun, ka manusa nu sok ngukus. Ari ngewa teh salah cu..!

Bambang:         leres ki..!

Kyai:                aya nu meuleum menyan, kaambeunateh seungit. Ari seungit teh karesep ghaib..

Bambang:         karuhun?

Kyai:                lain..! tapi karesep ghaib ‘ambeu’ nu aya tina irung urang. Cing ari ngambeu ti kotok bakal kumaha?

Bambang:         bakal dipempet..!

Kyai:                tuh.. ari nu bau mah teu beukieun geuning.! maksudna urang kudu saling seungitan, jeung saling majukaeun.

Bambang:         muhun pisan atuh ki.!

Kyai:                jeung jelema nu ngaharamkeun ngukus, etateh jelema sasar.

Bambang:         naha nu ngaharamkeun ngukus disebut sasar?

Kyai:                heueuh ari pangeran teu ngaharamkeun, tapi manusa ngaharamkeun?

Bambang:         enya ceuk kaula ge pedah euweu katerangannana.

Kyai:                euweuh?

Bambang:         teu aya.

Kyai:                cing aya katerangan kieu:

Bambang:         kumaha?

Kyai:                “hei manusa-manusa, geura arudud anjeun.!”

Bambang:         teu aya..!

Kyai:                naha atuh manusa beut ararudud?.meureun sarua weh..eta ge bid’ah. Geus  ulah udud-udud acan, geus ulah dibaju-baju acan, lamun jelema loba kangewa.

Bambang:         enya atuh..

Kyai:                jadi urang iman the percaya dimana geus nyaho. Ari ngkus the adat karuhun urang. Karuhun teh mere bacaeun keur diri urang. Nu pentingmah, nu sok ngukus keunbae.. da moal nanaon.

Bambang:         ari nu tara ngukus?

Kyai:                nu tara ngukus? Keun bae.. da moal nanaon. Nu pentingmah nu sok ngukus jeung nu tara ngukus jelemana sing akur..! kapan pemerintahan ge geus nganjurkeun, yen urang the kudu ngahiji antara kasatuan jeung persatuan. Matak urang hijikeun.

Bambang:         naon nu kudu dihijikeun?

Kyai:                tekadna, ucapna, lampahna. Tah nu tilu ieu teh ulah pakia-kia tah nu tilu teh, kudu babarengan, ameh kaditunage runtut raut.

Bambang:         enya..!

Kyai:                nu matak didieu.. ceuk dina katerangan urang kudu ngucapkeun “Mahasuci Allah” 33x.

Bambang:         enya..?

Kyai:                subhanallah, subhanallah, maha suci Allah, maha suci Allah. Tuluy weh urang nyebutkeun kitu..!. kumaha lamun urang ngucapkeun “maha suci Allah” ku Allah dijawab, “heueuh sia nu kotorna”

Bambang:         na kumaha contona?

Kyai:                nu matak didinya ge 33, ari 33 the direndengkeun 3 jeung 3. Sabab dina wujud urang ge kabeh 33: 1 irung 2 ambeu 3 nungambeu, 1 panon 2 awas 3 nu awas, 1 ceuli 2 denge 3 nu ngadenge. Singkatnamah: 1 ucap 1 tekad 1 lampah. Hijikeun kabeh tah.. suikeun kabeh, kakara kaditunage ngaguluyur.

Bambang:         ari hartosna taqwa?

Kyai:                hartina taqwa teh, milih kana jalan anu hiji, nu lempeng turta bener.

Bambang:         enya ki..!

Kyai:                kahartos?

Bambang:         karasa..

Kyai:                nya sukur weh.. ari geus karasamah.

Bambang:         tah ayeuna nu ka opat, naon pangna agama di kamanusa keun?

Kyai                 sabab manusa mah makhluq anu dibedakeun jeung makhluq nu lain. Diancikan akal, budi, pikiran, rasa, jeung perasaan. Sabab manusa mah kabeh sampurna. Benerna manusa the leuwih ti sato, jeung salahna manusa ge leuwih ti sato.

Bambang:         naha jahatna manusa leuwih ti sato?

Kyai:                leuwih..

Bambang:         naha?

Kyai:                cing nyatakeun..! ayeuna aya domba dimana maling sampeu, nya beuti na ongkoh, nya daun ongkoh, nya pagerna dirusak. Aya domba nu kitu?

Bambang:         teu aya.!

Kyai:                domba mah dimana maling sampeu ngan saukur daunna hungkul. Tapi jelema can beutina, tuluy daunna, jaba pagerna diruksak. Tuh jelema mah leuwih jahat ti batan sampeu.

Bambang:         enya..nya.!

Kyai:                ayeuna aya, boh sapi atawa munding nyokel jandela, tuluy maok tv jeung radio, neupikeun maehan nu boga imah?

Bambang:         teu aya.

Kyai:                jelema mah aya nya?

Bambang:         aya.

Kyai:                tuh jelema mah jahatna leuwih ti sato, jeung benerna oge leuwih ti sato.

Bambang:         leres ki..!

Kyai:                kaharti?

Bambang:         kahartos pisan aki..

Kyai:                matak ulah sasar, ulah linglung. Anu pentingmah taluktik diri ti kiwari, kotektak awak ti ayeuna. Sahubungan jeung katerangan, dimana manusa geus apal kana dirina, maka eta jelema bakal apal ka pangeran. Dimana jelema geus apal ka pangeran, maka baka ngarasa diri bodo. Lain bodo teu bias maca nuis, tapi bodonateh teu umakau, teu umaing, teu guminter, teu jumago, teu boga rasa ieu aing uyah kidul. Salilana sumerah jeung pasrah.

Bambang:         enya?

Kyai:                cing kaula rek nanyakeun, ari sumerah jeung pasrah kudu kasaha?

Bambang:         nya kudu ka pangeran.

Kyai:                ka pangeran?

Bambang:         enya.

Kyai:                pangeran the nu kagungan.

Bambang:         enya.

Kyai:                maenya ayeuna masrahkeun kanu kagunganana?

Bambang:         jadi kudu kasaha atuh?

Kyai:                apan matak itu di bikeun ka urang the, da geus teu butuheun..

bambang:          naha kudu kasaha atuh?

Kyai:                kudu kana hukum-hukum anjeuna.

Bambang:         oh enya..!

Kyai:                sumerah jeung pasrahteh kudu kana hukumna. Ayeuna lamun urang sumerah jeung pasrah ka pangeran, kumaha lamun pangeran ngajawab, “manehteh tong boro tina sumerahna, tina heunteuna ge da nu aing.!” Jadi pasrah mah kanu hukumna.

Bambang:         hatur nuhun aki. Dina semet ayeuna kaula rek ngaku guru lahir jeung bathin.

Kyai:                nuhun jang..!