Posts from the ‘papatah’ Category

PERIBAHASA MASYARAKAT JAWA BARAT (SUNDA)

  1. Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  2. Adat kakurung ku iga : Adat nu hese digantina.
  3. Adean ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  4. Adigung adiguna : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
  5. Aya astana sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  6. Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

Baca selengkapnya…

Papatah Kolot Baheula Part X

Dikumpulkeun ku:

Sanghyang Mughni Pancaniti

  1. Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
  2. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
  3. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
  4. Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
  5. Baca selengkapnya…

Papatah Kolot Baheula Part IX

Dikumpulkeun ku:

Sanghyang Mughni Pancaniti

  1. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
  2. Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
  3. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
  4. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
  5. Baca selengkapnya…

Papatah Kolot Baheula Part VIII

Dikumpulkeun ku:

Sanghyang Mughni Pancaniti

  1. Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
  2. Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa
  3. Baca selengkapnya…